Cimata Simpe
cimata simpe,
nepo anjeun malati paranti jangji
sawangan nangtung na layung Bandung,
kembang kaduhung ngadaun sembung
neundeun ibun, mawa kanyaah… ceuyah
cimata simpe, mepende hate
sawangan lanjung ngalanglayung
neundeun tresna dina hanjuang siang
keur anjeun malati paranti jangji
kiwari, wanci peuray miraray
kalangkang anjeun na kongkolak
mangkak lir malati paranti jangji.
***
Tasikmalaya 1997
Tidak ada komentar:
Posting Komentar